Resensi Novel Sunda "Si Lamsijan Kaedanan" (Siti Hodijah)

Judul: Si Lamsijan Kaedanan
Pangarang : Ki Umbara
                 (Sandiamana H Wiredja Ranusulakna)
Penerbit: Kiblat Buku Utama
Citakan ka-2
Taun terbit: 2003
Jumlah kaca: 66 kaca
  
Novel ieu teh kaasup carita komedi anu mibanda ajen da’wah. Caritana dipasieup ku pupuh kayaning Pangkur, Sinom, Asmarandana, Mijil, Durma jeung Balakbak. Dicaritakeun si Lamsijan bogoh ka Neng Amoy nepi kaedanan, si Lamsijan indit ka dukun menta asihan jang Neng Amoy. Tapi eta asihan the benangna lain ka Neng Amoy kalahkah ka Nyi Cepleu(pembantuna). Kusabab asihan ti dukun gagal, si Lamsijan ngumaha ka Mama Yai. Ku Mama Yai si Lamsijan dititah solat malahan mah Mama Yai ngomong yen Neng Amoy teh bakal nyuuh kana pangkuan si Lamsijan. Ari saterusna mah si Lamsijan teh ngajodona jeung Nyi Cepleu anu memang bogoheun ka manehna tur nurub cupu deuih. Saprak ti eta, maranehna ngamimitian dagang terus jadi juragan peda di kampungna.

Kaunggulan ieu novel teh, caritana alus,bahasana  babari kaharti jeung teu pati hese, upami ditilik tina caritana, si Lamsijan teh ngabogaan niat hayang ngawin Neng Amoy sangkan jadi Muslimah lain kusabab Neng Amoy geulis.
Kagorengan carita ieu, si Lamsijan hayang menangkeun Neng Amoy ku cara ngadukun anu teu pantes diturutan.

posted under | 2 Comments

Resensi Novel Sunda "Catetan Poéan Réré" (Soppa Marwati)

Judul              : Catetan Poéan Réré                    
Pangarang      : Ai Koraliati
Pamedal         : Grafindo                                         
Citakan           : II, 2012
Kandel            : 59 kaca
Dijaman kiwari mah hese neangan rumaja nu tanggeng waler teh, aranjeunna leuwih mentingkeun sorangan tibatan batur. Tapi, beda jeung rere mah, anjeunna mah boga tanggeng waler nu gede sarta katabahan nu gede oge. Anjeunna ditinggalkeun ku indungna lantaran maot pas ngujuru adina, adina ge sarua maot padahal sagala palengkepanna tos siap.
Sabada indungna maot, amjeunna nu jadi panggentina teh kumargi bapana ninggalkeun anjeunna jeung lanceukna. Jadi, aranjeunna caricing jeung ninina nu tos teu tiasa naon-naon. Di hiji mangsa rere jeung lanceukna manggihan orok di teras imahna, batan ku karunya rere ngurus eta budak nepi ka gedena. Eta budak teh singhoreng anak bapana jeung pamajikan ka dua bapana. Salain ti eta, rere ge boga masalah nu leuwih gede ti eta, nyaeta lanceukna(lalaki) resep dandan jeung make baju awewe sarta bobogohan jeung lalaki deui. Eta sifat lanceukna teh diturunkeun ti bapana. Akhirna bapana balik teras mawa lanceukna ka panti rehabilitas ngameh bisa normal deui.Hirup rere teu salamina suram tapi anjenna ge boga kacerahan hirup nyaeta lili, lalaki nu diresep anjenna ti leutik keneh.  
Lamun carita nu diluhur nyaan ayana, subhanallah pisan nu jadi rere, kumargi tadi tea jaman kiwari mah hese neangan rumaja nu kitu teh. Kumargi kitu baca gera novelna, salain caritana rame novel ieu ge mawa urang asup kana alur caritana, saolah-olah urang nu jadi pamaenna sarta loba nilai moral nu ditepikenna jang kahirupan urang sapopoe. Jadi rugi nu teu maca ieu novel.

posted under | 3 Comments

RESENSI NOVEL SUNDA "Si Kabayan Jadi Dukun" (Abhelia Permata Sari)


Wasta : Abhelia Permata Sari
Kelas : XI IPA 1


JEJER BUKU        : Si Kabayan Jadi Dukun
PANULIS                : Moh.Ambri
PAMEDAL             : Kiblat Buku Utama
KANDEL BUKU   :  71 kaca
TAUN                      : 2009
HARGA                  : Rp. 15.000,00.


RINGKESAN BUKU :
Kabayan téh hirupna ripuh, puguh da jelema kedul. Manéhna pribadi ngandelkeun késang pamajikanna keur hirup sapopoé, mun keur daék kakara manéhna los ka leuweung ngala suluh. Hiji poé Kabayan jeung pamajikanna paséa gedé nepi ka tatanggana pada nyaho, Kabayan nampiling Saikem, pamajikanna.
Hiji mangsa aya sémah nu néangan dukun lepus di lembur si Kabayan, kabeneran sémah téh nanyakeun ka Saikem ngeunaan dukun lepus. Saikem nu ngabogaan niat hayang males kanyeri ka salaki pédah kungsi ditampiling, ngabéjakeun ka sémah yén Si Kabayan téh dukun nu sakti, dicaritakeun ogé naon baé nu kungsi dipigawé ku Kabayan keur ngayakinkeun.
Basa Kabayan rék balik, manéhna papanggih jeung 2 urang anu nu nyebutkeun yén manéhna téh Embah. Kabayan nu teu nyaho nanaon tungtunganana mah kapaksa daék ngilu jeung sémah éta da geus digebugan. Kabayan dipercaya bisa ngobatan Nyi Hasanah, anak sudagar, nu katarajang kasakit pireu. Saenyanamah Nyi Hasanah téh teu gering nanaon, manéhna teu resep bapana rék ngawinkeun manéhna ka Haji Latip da geus bogoh ka Agus matak pipireuan ogé.
Sanggeus balik ti imah Nyi Hasanah, Agus nepungan Kabayan, manéhna ménta tulung ka Kabayan sangkan manéhna bisa papanggih jeung Nyi Hasanah. Tungtungna mah Agus nyamur jadi pangiring Embah dukun. Basa geus papanggih éta, Nyi Hasanah nu geus teu pireu deui kabur jeung Agus.
Kabayan kanyahoan yén manéhna téh lain dukun bebeneran. Manéhna di bui ku pulisi. Lain sedih, Kabayan kakalah atoh hirup di bui da manéhna teu kudu ribut jeung lieur ngurusan urusan di imahna.Tapi angger wé Kabayan  bisa bébas ku lantaran Agus ngajelaskeun perkara nu saenyana.

KALEUWIHAN BUKU : Jalan caritana runtuy, loba atikan nu bisa dicindeuk tina buku ieu. Salian ti éta, buku ieu ogé ngahibur nu macana ku kalakuan para palaku dina buku ‘Si Kabayan Jadi Dukun’.

KAKURANGAN BUKU : Kurang rinci ngajelaskeun ngeunaan panokohanna, contona nu maca bisa kakécoh saha/nu mana Nyi Hasanah téh. Basa nu dipaké ogé teu gampang dicerna ku nu awam basa sunda.

 

posted under | 7 Comments

Resensi Novel Sunda "CARITA NYI HALIMAH" [R. Adrian M. Yusuf]

Wasta   : R. Adrian M. Yusuf
Kelas   : XI IPA 1



Judul Novel :  "Carita Nyi Halimah"
Pengarang  : Samsoedi
Pamedal  : Kiblat Buku Utama
Jumlah Kaca : 100 kaca
Ukuran : 14,5 x 21 cm
Taun Terbitan : 2005
Harga : Rp. 19.000,-



Resensi Novel

Carita Nyi Halimah ngalalakonkeun budak awéwé anu nalangsa nu asalna boga indung jeung bapa beunghar nu jug ujug jadi jelema susah. Basa bapana diasupkeun ka pangbérokan alatan pite­nah deungeun, indungna kagegeringan nepi ka han­teuna pisan. Saterusna Nyi Halimah cicing di ninina bari digawé di imah Nyonya Linn. Basa ka­pang­gih metik kekembangan di kebon sisieun ge­dong dununganana, manéhna disiksa ku Nyo­nya Linn nepi ka asa bubuk huluna, getih tina si­rah­na nyarakclakan kana bajuna. Basa keur nye­kar di kuburan indungna, manéhna panggih jeung tuan nu keur bebedil, tuluy diajak digawé di imahna. Ti harita manéhna teu eureun-eureun meunang cocoba anu kacida beuratna, nepi ka nga­laman diasupkeun ka pangbérokan.

Kaunggulan novel “Carita Nyi Halimah" nyaeta, dina caritana ngandung atikan moral nu seueur.
Kumargi kakurangan novel ieu nyaeta nganggo undak usuk basa anu rada sesah dicerna ku jalmi nu awam kana basa sunda.

posted under | 16 Comments

Study Tour Jogja-Semarang









posted under | 2 Comments

Resensi Novel Sunda "Rasiah Geulang Rantai"


Wasta                            : Annisa Jasmine Nugraha 
Kelas                              : XI IPA 1
Judul novel                      : Rasih geulang rantay
Pangarang                        : Nanie 
Pamedal                           : Giri mukti Pasaka
Jumlah kaca                      : 162 kaca
Taun terbit                        : 1997
Resensi novel
                Tokoh utama dina novel rasiah geulang rantay nyaeta Siti salamah (Aminah), salaki Aminah nyaeta Sukardi, Aminah oge boga budak nyaeta Enden komariah, Aminah nyumputkeun identitasna ka budakna kusabab manehna ngarasa jelema teu boga. Hiji mangsa, Aminah ceurik inghak innghakan di sisi jalan, Aminah ti Bandung, teu gaduh rorompok. Aminah tos gaduh pagawean ngan diilirenkeun, Aminah ge ditawaran jadi koki di Villa.
                Dina novel di caritakeun Enden komariah nyaeta budak awewe anu boga villa gede, kolotna salian ngurus Enden Komariah teh ngurus Maman budak pulung anu diangkat jadi budak kusabab kolotn teh teu sanggup ngabiayaan hirupna jeung Sukardi baraya Maman. Enden komariah ngarti yen Maman keur tagiwur hatena, teu beda jeung anjeunna. Kawasna ngarep ngarep Maman ngajak ngomong ti heula mah jauh tanah ka langit, anu matak pok bae anjeunna miheulaan nanya, disalenggorkeun kana perkara sejen. Ahirna mah Maman apaleun yen baheula Sukardi bogoheun oge ka Enden Komariah.
                Seueur picaritauen Enden Komariah jeung Maman, ngan ahirna mah Enden Komariah jeung Maman teh nikah , Sukardi mah mutuskeun pindah ka Bandung kusabab tenpat gawena dipindahkeun ka Bandung, padahal mah alesan nu aslina mah manehna geus teu kuat ningali Enden Komariah anu dicinta eta teh hirup babarengan jeung Maman sobatna.
                Seueur keneh carita “Rasiah Geulang Rantai” anu kudu dibaca ku balarea.
Kaunggulan carita “Rasiah Geulang rantai nyaeta, dina caritana teu ngajieun bosen anu maca, teras nganggo undak usuk basa anu alus, ditambihan deui ku ayana surat ngajien caritana anu alus oge.
Kakurangan carita “Rasiah Geulang Rantai” nyaeta caritana anu berbelit belit, kumargi seueur teuing palaku carita na.

posted under | 0 Comments


Wasta                                         : Annisa Jasmine Nugraha
Kelas                                                                     : XI IPA 1
Judul novel                                                         : Rasih geulang rantay
Pangarang                                                           : Nanie 
Pamedal                                                              : Giri mukti Pasaka
Jumlah kaca                                                        : 162 kaca
Taun terbit                                                          : 1997
Resensi novel
                Tokoh utama dina novel rasiah geulang rantay nyaeta Siti salamah (Aminah), salaki Aminah nyaeta Sukardi, Aminah oge boga budak nyaeta Enden komariah, Aminah nyumputkeun identitasna ka budakna kusabab manehna ngarasa jelema teu boga. Hiji mangsa, Aminah ceurik inghak innghakan di sisi jalan, Aminah ti Bandung, teu gaduh rorompok. Aminah tos gaduh pagawean ngan diilirenkeun, Aminah ge ditawaran jadi koki di Villa.
                Dina novel di caritakeun Enden komariah nyaeta budak awewe anu boga villa gede, kolotna salian ngurus Enden Komariah teh ngurus Maman budak pulung anu diangkat jadi budak kusabab kolotn teh teu sanggup ngabiayaan hirupna jeung Sukardi baraya Maman. Enden komariah ngarti yen Maman keur tagiwur hatena, teu beda jeung anjeunna. Kawasna ngarep ngarep Maman ngajak ngomong ti heula mah jauh tanah ka langit, anu matak pok bae anjeunna miheulaan nanya, disalenggorkeun kana perkara sejen. Ahirna mah Maman apaleun yen baheula Sukardi bogoheun oge ka Enden Komariah.
                Seueur picaritauen Enden Komariah jeung Maman, ngan ahirna mah Enden Komariah jeung Maman teh nikah , Sukardi mutuskeun pindah ka Bandung kusabab tenpat gawena dipindahkeun ka Bandung, padahal mah alesan nu aslina mah manehna geus teu kuat ningali Enden Komariah anu dipikacinta eta teh hirup babarengan jeung Maman anu geus mang taun-taun jadi sobatna.
                Seueur keneh carita “Rasiah Geulang Rantai” anu kudu dibaca ku balarea.
Kaunggulan carita “Rasiah Geulang rantai nyaeta, dina caritana teu ngajieun bosen anu maca, teras nganggo undak usuk basa anu alus,
Kakurangan carita “Rasiah Geulang Rantai” nyaeta caritana anu berbelit belit, kumargi seueur teuing palaku carita na oge.

posted under | 0 Comments
Postingan Lebih Baru Postingan Lama Beranda
Diberdayakan oleh Blogger.

Banner


Crossed Red Kunai - Naruto