Alifah Kurnia Majid



    Resensi Novel Sunda Pewaris Tahta Sunda Ngumbara
Judul Novel : Wastu Kancana           
Pangarang : Yoseph Iskandar         
Panerbit :Rahmat Cijulang                                          
Citakan Pertama : 1989                                          
Tebel Kaca : 145 kaca
                                  
                            
  
Dina eta buku dicarioskeun yen anu ngagentos samentara di Karajaan Sunda (Kawali) teh Bunisora. Putra Raja Sunda aya jumeneng masih budak keneh. Janten kedah disiapkeun heula. Bewara ngeunaan tiwas suci kulawargana di Majapait henteu dibejakeun sabab sieun langsung hentu biasa nahan amarah.
Bunisora, pamanna Wastu Kancana, nyandak eta murangkalih keur diajar sagala rupa kaelmuan di padepokan anu khusus keur ngagembleng pasukan husus karajaan: balamati. Carana henteu langsung, tapi diculik heula. Saba’da diwarah, Wastu Kancana dibere nyaho perkawis anu dirusiahkeun. Bunisora langsung anu masihan terang.
Saba’da dipeupeujeuh, Bunisora ngajak balik ka Kawali. Ngan Wastu Kancana embung balik. Anjeuna kalah ngumbara milari elmu. Nya atuh henteu bias dicaram. Antugna diwidian teras nyandak batur keueung: Rakean Hujung. Duana ngumbara dugi ka Pakuan. Mereskeun nau baruntak ka nagara. Teras ti dinya ngulampreng ka Lampung. Tepang sareng resi sareng diguguru. Di bagean ahir buku dicaritakeun Wastu Kancana nyalametkeun padepokan resi ti serangan musuh gerot guruna. Jeung niwaskeun gegedugna make pakarang anu dibere ku Bunisora.
Dina eta buku, dicaritakeun yen Wastu Kancana oge katarik manah ku putrid resi. Henteu aya pedaran proses asmara, ngan hungkul tepung di walungan teras bae silih kenalan. Didinya duana singket saling katarik manah keuna ku panah asmara. Basa rek mulang ti Lampung ti padepokan resi, duana silih mere barang anu janten pangikat ati.

Kaunggulan novel : Gambaran kahirupan sosial sareng lingkungan baheula Sunda mah karasa pisan
Kakurangan novel :
·       dina ngambarkeun amarah Wastu Kancana atawa pajabat nagari Sunda, Yosep kirang kiat sareng henteu nyentuh emosi
·        Potongan carita sareng alurna biasa henteu aya anu istimewa atawa aheng dina eta buku. Biasana mun novel osok kiat dina kalimah sareng alur sarta gambaran (konteks sosio kultural) jeung eusina oge kadang matak ngajenghok anu maca.




RESENSATOR : ALIFAH  KM
Kelas : XI IPA 1

          

posted under | 0 Comments

Achmad Vidy Ismaya


Sasakala Bojongemas


 Judul               : Sasakala Bojongemas
 Pangarang      : Aan Merdeka Permana
 Pamedal `       : Ujung Galuh
 Citakan           : 1,  2009
 Kandel            : 48 kaca


 Sajarah mangrupakeun fakta atawa hiji hal nu bisa dibuktikeun dina fakta. Saurang sajarawan daék teu daék kudu kaugeur ku fakta-fakta nu aya. Manéhna teu bébas ngagarap fakta-fakta sajarah nu geus nyampak. Tapi, teu kitu pikeun pangarang novel. Manéhna lewih bébas nyiptakeun carita sorangan. Aan Merdeka Permana dina novel mungguranana ieu nyoba-nyoba ngangkat fakta-fakta sajarah Sasakala candi di Bojongemas kana novelna ieu. Tokoh-tokoh sajarah saperti Nyai Dewi Permata Sari anu ngokolakeun Candi Purna Hyang. Aya ogé Prabu Ningrat Kancana di barengan ku Aki Réog Cakentring nu jadi rajana di karajaan Galuh. Saréng Pangéran Barata Yudha anu ngakuna mah  masih kénéh turunan salah sahiji karajaan Tarumanegara.

Candi Bojongemas téh, pernahna sisieun Citarum, di wewengkon Désa Bojongemas, Kecamatan Solokanjeruk, Kabupatén Bandung. Bahula mah disebutna Candi Purna Hyang. Baheulana, nyaéta teupikeun ka taun 1950-an masih mangrupa. Ngan ayeuna, ukur gundukan batu. Teu kapiara. Ceunah dina taun-taun harita, dicokotan, diamankeun dibawa ka tempat séjén. Aya anu diteundeun di museum. Aya anu di bawa ka imah pribadi. Sacara resmi acan ka catet kumaha sajarahna. Tapi ari béja anupatatalépa mah aya. Mun mah ayeuna ngajengléng jadi tulisan, nya ladang béja nu dibéjakeun deui.
 
Tina segi plot, ieu novel dipedar kalawan hadé. Katangar yén ieu novel téh di garap kalawan ngagunakeun hasil risét nu cukup léngkep. Hal iyeu bisa di buktikeun tina gambaran kaayaan sasakala Bojongemas nu jadi klimaks carita. Bagéan ieu ragot pisan jeung teu pikaboseneun. Gambaran karajaan Galuh, Tarumanegara di caritakeun kalawan jéntré. Nu macana saolah-olah di ajak nyaksian langsung kana kajadian nu pernah lumangsung di éta tempat. Ieu novel, ogé méré pamahaman nu leuwih jeulas kana sosok tokoh Nyai Dewi Permata Sari patlina jeung sasakala Bojongemas.

Sabagé novel sajarah sabenerna ieu novel bisa dijadikeun média pikeun ngangkat budaya sunda jeung karajaan Tarumanegara. Hanjakalna pasualan éta teu bisakapedar kalawan hadé. Kurangna ngenaan gambaran sosial masarakat Sunda jeung Tarumanegara ngajadikeun iyeu novel leuwih beristana-sentris kusabab loba teuing nyaritakeun kahirupan istana Sunda jeung Tarumanegara. Lamun waé unsur-unsur sosial jeung budaya masyarakat Sunda jeung Tarumanegara kaungkab sacara lengkep., ieu novel bisa novel nju euyeub nu bakal nambah wawasan nu macana.


posted under | 0 Comments

Resensi Novel Sunda 'Catetan Poéan Réré' (Nanda Chaerunisa)

Judul : Catetan Poéan Réré 

Pangarang : Dra. Ai Koraliati 

Pamedal : GRAFINDO

 Pedalan : II, 2012 

Kandel buku : 59 kaca



        Dina novélna Catetan Poéan Réré, Ai Koraliati nyaritakeun kahirupan rumaja kiwari, anu parantos kasosok ku rupa-rupa pangaruh budaya deungeun. Eusi ieu novél téh nyaéta kahirupan salah sahiji kulawarga, Réré, nu unggal poé dicutat dina catetan poéanna. Katampa ayana luka-liku kahirupan kulawarga anu ruksak ti mimiti indung bapana ceré, indungna pupus sanggeus ngalahirkeun adina nu sarua teu kasalametkeun nyawana, nepi ka lanceukna nu ngabogaan panyakit nu nurun ti bapana nyaéta resep jadi awéwé.
            Di novel ieu téh pangarang sacara teuneung ngaguar kahirupan éta kulawarga. Aya nada-nada kasedih jeung kanyeri nu karasa ku Réré, kudu nanggung kahirupan tiluan jeung nini jeung lanceukna, teu diurus ku indung bapana sorangan. Dina hiji peuting, Réré jeung lanceukna Susan manggihan orok na téras imah. kusabab karunya, éta orok téh diasuh ku Réré.
 Aya rasa bingah lantaran ayeuna aya anggota kulawarga anyar nu bisa ngagantikeun adina nu pupus.Tapi di gigireunna aya rasa kasedih kulantaran lanceukna ngabogaan sipat nu teu lumrah ti lalaki lian, nyaéta resep dangdan siga awéwé, resep maka raksukan awéwé, jeung deuih resep ka sarua jenis. Singhoréng éta panyakit nu diidap ku lanceukna nyaéta turunan ti bapana. Bapana nikah deui téh kusabab hayang nyageurkeun panyakitna. Tungtungna mah bapana téh di bawa ka hiji tempat réhabilitasi nepi ka bapana cageur.
            Hiji mangsa bapana balik ka imah jeung Lili, sobat Réré nu sarua cicing di tempat réhabilitasi eta. Réré kacida bingahna, nempo bapana cageur jeung sobatna nu ayeuna mah gagah jeung kasép. Réré nempokeun adina jeung bapana panggih, nu singhoréng adina éta téh anak bapana ti istrina nu kadua. Lanceukna nu kanyahoan ngabogaan panyakit siga bapana, ahirna milu ka tempat réhabilitasi tempat bapana cageur. Ieu novél téh ngabogaan eusi nu mikat haté pikeun dibaca. Bahasana bahasa sapopoé, numatak babari pahamna. Lian ti éta, bacaan dina eusi ieu novél sok disempalan ku gambar nu nyagambarkeun jeung nguatkeun caritaan. Alurna ogé babari pikeun dipiluan. Numatak urang moal kaduhung mun maca ieu buku

posted under | 1 Comments

Resensi Novel Si Kabayan Jadi Dukun [ Aji Solehudin ]


Judul               : Si Kabayan Jadi Dukun
Pangarang       : Moh. Ambri
Panerbit          : Kiblat Buku Utama
Kaping  terbit  : Citakan V, 2005
Ukuran buku    : 14,5 x 21 cm
Jumlah kaca    : 72
Kategori          : Novel
Harga              : Rp 20.000

Ringkesan     :        
         Si Kabayan, kasohor jelema anu mahiwal jeung jelema anu boga sipat males, bias jadi dukun anu nulungan batur anu keur kasusahan. Di mimitian dina kahirupan Si Kabayan jeung Saikem pamajikanna anu osok cekcok kusabab si kabayan tara haying digawe, nepikeun hiji kajadian Si Kabayan nampiling Saikem dua kali nepikeun ceurik.
    Dina hiji poe, Si Kabayan keheul ka pamajikanna, tuluy anjeunna bobodoan kasurupan. Tapi, Saikem nyaho yen Si Kabayan nganbobodoan, akhirna Anjeunna males Si Kabayan kucara ngomong ka Semah anu kabeneran keur neangan dukun matih keur ngubaran anak Haji di Dayeuh.
      Saikem ngomong ka Semah “ Jelema mahiwal, adatna geus teu sarua jeung urang, pohoan, kawantu umurna geus ratusan taun, ti sainget kuring geus kitu patutna, awet jaya, disebutna kudu Embah, tapi sok nampik, ngakukeun maneh Kabayan, padahal ari ngaranna nu enyamah Pakepoh. Tah lamun disebut ngaranna nu enya sok ambek-ambekan, asa kateguh keur nyamur.“ Saikem ngomong deui yen eta Embah lamun teu ngaku keneh tampiling we, ke oge ngaku sorangan.
      Jalan carita satuluyna rada hese katebak, anu matak nu maca haying tuluy maca ieu carita. Cara nulis pangarang oge make galur anu merele, jelas turbasa nu dipakena alus jeung merenah keur dibacana sanajan aya loba kecap anu asing, tapi henteu mangaruhan jalan carita ieu novel. Eusi novel ieu oge nembong keun paripolah urang sunda anu resep nulungan batur anu keur kasusahan, jeung karamahan urang sunda ka semah.
         Tatapi dina ieu novel, henteu dicaritakeun kumaha carana Ujang Agus bisa nyaho ka Si Kabayan, salain ti eta dina novel ieu oge teu dicaritakeun kumaha kaayaan Si Kabayan saenggeus teu jadi dukun deui.
      Amanat anu bias kuurang cokot dina ieu novel nyaeta, lamun urang ngalakukeun hiji hal kudu dipikirkeun heula, bisi hal anu ku urang lakukeun nyebabkeun batur nyeri hate. Tuluy lamun urang niat nulungan batur, make hate anu ikhlas pastina oge bakal meunang babales ti Gusti Alloh.
   Novel karangan Moh.Amri ieu kudu kuurang baca, sabab salain ieu novel pikaseurieun, tapi tetep miboga amanat anu mangpaat keur urang. 

   - Kalemahan Buku : Bahasa nu digunakeun lobana bahasa kasar. Bahasa anu teu patut diconto

     - Kalebihan Buku : Ngagunakeun bahasa sapopoe anu gampang dibaca, kabeh kalangan bisa maca,aya unsur pikaseurieunana

posted under | 0 Comments
Postingan Lebih Baru Postingan Lama Beranda
Diberdayakan oleh Blogger.

Banner

Clock

Search


Crossed Red Kunai - Naruto