Resensi Novel PIPISAHAN (AGHNIA NAILAH)


Judul               : PIPISAHAN
Pangarang       : RAF (Rahmatullah Ading Affandie)
Pamedal          : PT Kiblat Buku Utama
Citakan            : Citakan ka-1, Pustaka Jaya 1977
Citakan ka-2, Kiblat Buku Utama, Shafar1433 H/januari 2012
Kandel             : 110 kaca
Pangaos buku  : Rp.27.000,

Synopsis Novel Pipisahan
Emin nyaeta salah saurang kaum istri sunda nu di lahirkeun sareng di ageungkeun dina kulawarga sunda nu hirup di pakampungan Jawa Barat. Saperti kaum istri sunda umumna Emin disiapkeun jadi kaum istri nu pinter mawa dirina jeung dina waktuna jadi hiji indung nu bias ngatik jeung ngadidik anak anakna. Emin teu di didik jadi kaum istri pikeun nyiar kipayah jeung pakasaban nu bisa nyubadanan diri na sacara ekonomi, sabab dina jamanna memang teu laim pikeun kaum istri nyiar kipayah jeung pakasaban.
Emin ditikah ku saurang lalaki pilihannana sorangan, nu dina awal rumah tanggana hirup kalayan bahagia sok sanajan pinuh ku kasederhanaan. Ngan maranehna kaganggu ku kadatangan mitoha Emin anu sering menta duit pikeun mayar hutang. Hutang mitohana nu di lakukeun sababaraha kali teh dina kanyataannana teu pernah dibayarkeun padahal kahirupan kulawarga emin nu hirup sederhana jeung geus boga tilu urang budak, pamentaan duit ti mitohana mangrupa hiji halnu ngabeuratkeun.
Akhirna ku pamenta mitohana emin di serahkeun ku salakina jeung mawa anakna nu pangleutikna balik ka imah indung bapana di kampong. Teu lila ti harita salaki emin kawin deui jeung hiji awewe pilihan nu jadi kolotna. Emin pernah gering nangtung ngalanglayung kusabab pipirahanna tea, ngan ku ayana dukungan kolotna jeung sakabeh kulawargana ngajadikeun emin jadi kuat jeung tegar.
Ku bogana modal kapinteran ngajait jeung dagang emin nyiar kipayah pikeun ngagedekeun anak anakna. Ku kapinteran ngajait emin beuki maju dina harta benda. Dina hiji waktu anak kadua nu di asuh ku urut salakina di anterkeun. Kadatangan anak kaduana ngajadikeun hate emin beuki tenang jeung nimbulkeun sumanget pikeun nyiar kipayah.
Waktu urut salakina gering ripuh emin ku ningali kaayaannana ngarasa prihatin. Emin pinuh kaikhlasan pikeun ngabantuan kabeungberatan nu jadi urut salakina, nepi ka urut salakina nu masih di picinta tilar dunya.

posted under | 24 Comments

resensi novel Ade Andri

Judul :Lembur Singkur
Pengarang : Abdullah Mustappa
Penerbit : Giri Mukti
Kandel buku : 60 kaca

Ringkesan carita:
Lembur singkur, lalakon kapeurih jeung kasedih, jaman pasisian Tatar Sunda ririwehan alatan mahabuna gorombolan. Kulawarga paburantak, nu jadi bapa indit ka gunung ninggalkeun pamajikan. Tokoh kuring, hiji budak lalaki anu ditinggalkeun ka gunung ku bapana, kudu ngalaman nyaksian indung katut dua lanceukna milu kabarérang, waktu lembur singkur dilemahirengkeun ku gorombolan. Sabab, kitu ceuk anggapan tentara, peristiwa dijoragna éta lembur téh aya patalina jeung bapana téa.
Ieu novel mangrupa huiji carita anu pikasediheun jeung pikahawatireun. Nyaritakeun hiji budak anu ngabogaan 2 lanceuk hirup ngan duaan jeung indungna di imahna di hiji desa anu jauh ku raramean kota. lantaran 2 lanceukna mondok di lebak ngamankeun diri tina gorombolan tapi manehna ngan duaan di imahna lantaran indungna nolak di ajak mondok ka lebak. Ieu budak teu nyaho pisan kana saha nu jadi bapana. Lantaran ti leuleutik kulawargana geus di tinggalkeun ku bapana nu jadi gorombolan DI di leuweung. Dina hiji peuting bapana datang ka imahna bari susulumputan, tapi manehna teu nyahoeun yén nu datang téh bapana, jeung ngan saukur semet renyem-renyem ningali anu datang éta.
Hiji waktu manehna jeung indungna indit ka sawah. Indungna mawa bekel loba tuluy kusabab indungna nu di sebut ema téh ninggali aya pamariksaan ku gorombolan manehna reuwas jeung para gorombolan curiga ka si ema. Jeung kusabab para tantara nyaho yén suami ema ngilu jadi gorombolan di sangka yén bapa téh jadi mata-mata. Si ema di pariksa jeung di bawa ka markas para gorombolan. Gorombolan nahan ema neupika peutingna, jeung eta budak ngan bisa nungguan di luar. Teu lila salasahiji lanceukna datang ka markas eta, tuluy mawa balik eta budak. Eta budak téh loba rasa prihatin jeung hawatir ka emana, naha ema lila di markas tantara eta. Isukna ema di pulangkeun ka imah.
Geus lila tina kajadian éta, gorombolan nyerang ka desa éta. Loba tetmbakan wuwuh rame. Loba jelema nu nyumput dina lombang. Kaayaan des acing paburantak teu tenang. Hiji waktu ema di teangan ku OKD (Organisasi Keamanan Desa), ku sabab di curigai yén suami ema sok datang susulumputan ke imahna. Tuluy ema di bawa ka kantor OKD nepi ka mengpirang-pirang poé. Budakna di pihapekeun ka salasahiji anggota OKD. Geus lila aya di kantor OKD ema di kaluarkeun.
Sanggeus kajadian eta, sanggeus desa jadi aman aya kabar yén nurutkeun rencana poé éta rek aya sababaraha pasukan ti leuweyng nyaeta nu jadi bapa nu biluk ka gunung bakan tarurun balik ka lemburna kaasup nu jadi bapa. Ema jeung budak téh bungah pisan jeung si budak geus lila hanyang apal kana nu jadi bapa. Tapi geus lila ema neangan nanya kaditu-kadieu, ngan aya hiji kabar yén nu jadi bapa téh tatu tur parna (maot).
Dina carita eta, boga kaleuwihan nyaeta nyaritakeun carita anu nyayat kana ati jeung ngagambarkeun kaayaan baheula nu karandapan ku masarakat pilemburan di tatar sunda anu tragis jeung pikawatireun. Méré pelajaran jang barudak ngora anu ayeuna hirup di tatar sunda yén kahirupan baheula téh bener-bener pikasediheun jeung pinuh ku derita, teu siga jaman ayeuna. Jeung eta kajadian the mangrupa kajadian anu bisa waé nini-aki urang ngalaman kaayaan éta.
Tapi dina aya kaleuwihanana, aya ogé kakurangannana, nyaeta carita ieu teu nyebutken saha ari ngaran nu jadi budak lalaki anu jadi tokoh utama dina ieu carita, jeung teu dicaritakeun naon sababna 2 lanceukna heunteu sare di imahna.

posted under | 0 Comments

Babalik Pikir (Hammamarif P.P XI IPA 1)



Judul Buku       : BABALIK PIKIR
Pangarang        : Samsoedi
Panerbit            : PT Kiblat Buku Utama
Tanggal Terbit  : medal taun 1932
Jumlah Kaca      : 72 kaca
Harga                  : Rp. 17.500;00
     Novel basa Sunda “BABALIK PIKIR” karya Samsoedi, wedalan PT Kiblat Buku Utama. Citakan partama taun 1932 sareng citakan tarakhir  tanggal Agustus 2011. Novel ieu pas kanggo budak sakola kumargi basa anu diangge gampang ngartos sareng loba palajaran kahirupan. Buku ieu teu pati kandel, ukur 75 kaca. Novel ieu bertemakeun kanalangsaan. Novel ieu latarna di Desa Cikawari, Dayeuh Bandung, Opvoedings Gesticht Samarang eujeung Sumedang. Alur anu dipake dina novel ieu nyaeta alur maju sareng sudut pandangna orang partama palaku utama. Tokoh-tokoh anu aya dina novel ieu diantarana si Emed salaku palaku utama, Ambu Emed, Pa Emed, si Junan anakna Tua Kampung, Tua Kampung, Pa Lahiam, si Jasim, si Joko sareung Pa Halim.
     Novel ieu nyaritakeun kanalangsaan si Emed budak kedul sareung bengal, anu asalna Emed tina Desa Cikawari Bandung. Si Emed teh budak ngan hiji-hijina ejeung oge keur leutikna ririwit pisan, ku sabab eta ku indungna diogo pisan. Hasilna si Emed teh jadi budak manja. Dina hiji poe Pa Emed teh cilaka lantaran dipacok ku oray Totog basa keur neangan si Emed anu nyumput di kebon jagong tatangga lantaran meugatkeun langlayangan nu si Junan. Si Emed tuluy manehna indit ka imah Pa Lahiam, nyaeta tatanggana nu geus kasebutkeun sok bisaeun ngubaran nu di pacok oray. Isuk-isuk barang Pa Emed dirampa angenna ku Pa Lahiam, manahoreng Pa Emed teh geus maot. Ti samaotna bapana, anger sikapna si Emed teh teu ubah-ubah, resepna ulin, maen pepetasan. Dina hiji poe si Emed jeung Ambu Emed ka dayeuh. Ari duitna Ambu Emed teh kabehanana jang meuli kabutuhan lebaran anu dikantongan ku si Emed teh di copet. Tos kajadian eta si Emed teh kabur ti imah ka imahna si Jasim bari ngangon meri. Lila-lila si Jasim teh kehel ka si Emed da ngangon merina teu bener jang upah buruhna si Emed teu dibayarkeun. Der gelut si Emed jeung si Jasim nepi ka si Jasim sirahna baloboran getih ninggang kana batu curi. Tuluy si Emed teh kabur ka dayeuh nepi dina hiji waktu manehna dibawa ka Opvoedings Gesticht di Samarang lantaran disangka maling.
     Si Emed di jero Gesticht katurug-turug wae ku barudak nu mindeng ngahereuyan jeung ngaganggu. Hadena tina barudak hukuman teh aya saurang anu daek jadi babaturan si Emed nyaeta si Joko. Tilu taun di Gesticht si Emed teh kabur di bantuan ku si Joko. Basa keur parjalanan ka Bandung si Joko maot lantaran kacilakaan di Sumedang. Emed anu tos kaluar tina rumah sakit, tuluy dibantuan ku Pa Halim. Sanggeus tos digawe manday beusi di dayeuh, si Emed teh patepang sareng Ambu Emed jeung babaturanana di kampung deui. Sanggeus saminggu sosonoan jeung indungna tuluy balik deui ka dayeuh eujeung unggal minggu Ambu Emed dikiriman wae duit ku si Emed.
     Sakitu resensi novel ieu, novel anu pinuh palajaran kahirupan. Salah sahiji palajara anu terpenting urang salaku budak ulah jadi budak anu bahula, kedul sareung bengal, ngarah teu nyusahkeun kolot sareung ka diri sorangan.


HAMMAMARIF PRAYOGO PRAPTONO (XI IPA 1)

posted under | 0 Comments

Rasiah Geulang Rantay (Ridho Handoko XI IPA I)


Judul Novel                : Rasiah Geulang Rantay
Pangarang                  : Nanie
Penerbit                      : Girimukti Pasaka
Taun Terbit                 : 1997
Jumlah Kaca              : 162 kaca
Potongan Carita          :

Siti Salamah (Aminah) nyaeta hiji istri anu jalan hirupna teu pati sae. Ti mimiti maneh na teu di doaan ku kolotna kawin jeung Sungkawa (anu ayeuna mah jadi kiai), tuluy manehna maksa kawin nganggo jalan wali hakim kusabab gedena duriat dina hate Siti Salamah jeung Sungkawa.
Nepi ka dina hiji poe Siti Salamah ngantunkeun Sungkawa
ku sabab teu kiat nandangan rupi – rupi kanyeri ti mitoha, ditambah
 Siti Salamah teh nuju kakandungan.
Mang taun – taun paturay, Siti Salamah jeung Sungkawa ngajalankeun hirupna masing – masing bari hate na mah kacida sedih na. Manehna ninggalkeun Sungkawa mekel sapasang geulang rantay nu dipangmeulikeun ku Sungkawa.
Siti Salamah ngalaman rupa – rupa pangalaman dina hirupna salila papisah jeung Sungkawa. Nepi ka dina hiji waktu Siti Salamah ngababarkeun orok. Eta budakna di tunda di Sukabumi kusabab maneh na teu tega budakna hirup dina kasusah. Budakna ditunda di buruan imah merek unina Rd. Sastraatmaja bari disimbutan jeung diselapan serat . Tuluy eta serat dipake ngabungkus hiji geulang rantay, anu hiji deui dibawa ku manehna.
Jalan carita salanjutna teu pati hese ditebak. Tungtungna mah Siti Salamah papendak deui jeung budakna anu ayeuna ngarana Enden Komariah.  Anu dina jalan caritana Siti Salamah jadi babu di imah Enden Komariah. Siti Salamah oge papendak jeung salaki na Sungkawa dina hiji waktu nu sarua pas Siti Salamah nyaho yen Enden Komariah teh budakna. Enden Komariah oge boga carita sorangan dina eusi novel, nyaeta carita cinta na jeung kang Maman jeung konflik anu aya diantara maranehnah.

Kaunggulan jeung Kakurangan:
Kaunggulan novelna nyaeta, carita dina novel sae sareng narik hate. Paguneman dina caritana nganggo undak usuk basa anu pas, kadang oge dina carita osok diselapan ku paribasa – paribasa. Caritana oge ngandung atikan moral dina kahirupan. Novel ieu cocok di aos ku para rumaja.
Ngan kakurangan dina novel na nyaeta jalan caritana gampang katebak. Tuluy anu jadi poko masalahna kirang dijelaskeun , tapi dina caritana malah seueur teuing adegan anu teu pati nyambung sareng judul. Nyaeta, seueur  teuing anu dibahas  ngeunaan kisah cinta Enden Komariah jeung Maman.

posted under | 0 Comments

Si Lamsijan Kaedanan (Nurrul Azizah XI IPA 1)


Judul                    : Si Lamsijan Kaedanan
Pangarang            : Ki Umbara
Penerbit               : Kiblat Buku Utama
Taun Terbit         : 2003
Jumlah Kaca       : 66 Kaca

Carita Si Lamsijan Kaedanan
          Caritana novel Si Lamsijan Kaedanan teh disaruakeun jeung sikabayan dina dongeng-dogeng urang sunda, atawa jeung si cepot dina wayang goek purwa. Eta manehna asa pangpiterna tapi bodo katotoloyoh. Hiji waktu manehanana hayang kawin ka budak anu ngaranna Si Amoy tapi ema na teu nyatujuan Si Lamsijan anu boga niat haying kawin ka Si Amoy. Tapi Si Lamsijan terus ngomong ka indungna piraku ema teu genah bogah minantu geulis, keur geulis teh sugih deuih, sabatea ema oge bris milu senang, teras engke mah mun uing galongging panas tiris ogo deui hayang dikerok ku ema apanan engke mah bakalan boga si Amoy kuring teh ema. Lamsijan haying ngabenangkeun Si Amoy make menta sihan matik ka dukun sagalan, tapi eta asihan the benangna lain ka Si Amoy kalahkah ka Si cepleu.
          Ku sabab papatah dukun gagal, Si Lamsijan ngumbara ka mama yai, kiai anu daekeun nulungan da cek Si Lamsijan manehna ain ku lantaran ka gegeoan teuing ku kageulisan atawa kabengharan si Amoy. Tapi hayang manehna yen Si Amoy teh kudu asup muslimah. Tapi sanajan kitu anggr weh Si Cepleu anu tadina bareng disumputkeun ku Si Lamsijan diimahna. Ku kituna Si Lamsijan kalaksanakeun kawin ka Si Cepleu eta teh nu menang hayangeun ka manehn ( sarua pada goreng patutna) tapi ku kituna indungna Si amsijan hatena kabeuli lantaran Si Cepleu rajin mantuan gawe sapopoe. Saprak kawin jeung Si Cepleu ahirna Si Lamsijan jado juragan peda di kampungna padahal sarerea terangeun modalna ngan kongkorong emas genep gram ti Si Cepleu, da manehna papendak jeung Babah Tan A Sien bapana neng Amoy da bapana Neng Amoy biga hutang budi ka Si Lamsiojan lantaran geus nulungan neng Amoy dina pangancam para pamuda, tapi neng amoy dibawa ku Si Opsir ( walanda ) anu geus mere imah jeung modal ka bapana Neng Amoy.

Resensi Novel
Kaunggulan Novel :
          Kaunggulan dina novel ieu caritana alus, gampang ngarti ku urang, bahasana teu pati hese upami dina kaunggulan caritana nyaeta urang bisa nyaho kumaha kahirupan jaman baheula beda jeung nyaman kiwari, teras niat alus Si Lamsijan anu ngabogaan niat hayang kawin ka Si Neng Amoy niatna lain manehannyana hayang jadi kafir anu aya dipikiran indungna tapi manehannya hayang Si Amoy jadi muslimah, sanajan Si Amoy can asup muslimah tapi ahirna Si Lamsijan kawin ka Si Cepeu jeung tungtungnamah manehna jadi sudagar peda dikampungna.
Kagorengan Novel :
          Kagorengannana carita novel ieu Si Lamsijanna hayang ngamenangkeun Si Amoy the make ngadukun sagala padahal manehna kudu nyaho yen ngadukun dina agama islam mah apanan teu meunang saruwa weh jeung musrik teu percayakanu agugan ( Allah SWT ).
Ari geus ngadukun tuluy jajampeanna salah ngucapkeun atawa aya anu teu diturutan karek manehanana sadar teras manehna datang ka mama yai tuluy manehna jadi rajin shalat baca qur-an. Kuduna ulah cara jiga kitu lamun ngahayangkeun si Amoy mah kuduna ku usaha anu bener-bener lain ka dukun jadi lamun geus kanyahoan gagal asihan matihna teu benang ka Si Amoy manehannana kaduhung sagede gunung.

posted under | 1 Comments

Laleur Bodas (Qaedi Zulfahmi XI IPA 1)

-->

Misteri Surat jeung Lika-liku Hirup Basri jeung Lili
Jejer  Buku : Laleur Bodas
Pangarang : Sambas jeung Susangka
Pamedal : Bale Pustaka
Taun Terbit : 1940
Kabe Halaman : 92 Halaman
Pangaos : Rp 20.000,-


Novel ieu nyaritakeun Basri budakna Haji Arsad jeung Lili anakna Haji Abu Bakar anu ngiketkeun kanyaah kacida lilana. Pada-pada saririk jelma teh ka Basri. Kaasup Subita, mandor beunghar di Kuningan. Bakat teuing ku hayang ngancurkeun kahirupan Basri, saprak Basri indit ngumbara ka Pasantren di Tasik keur guguru elmu agama sangkan jadi salaki nu bageur jang rumah tanggana engke jeung Lili, Subita nyieun huru-hara di Kuningan. Unggal aya nu rek nyilakakeun Basri, surat ti “Laleur Bodas” pasti ngabejaan Basri yen Basri teh keur aya dina kaayaan cilaka. Basri haben diganggu make rupa-rupa jalan, anu jadina tina hade jeung Lili the jadi goreng gara-gara aya pitnah ti Subita saparakanca.Basri sok remen narima surat pondok ti “Laleur Bodas”, tepi ka manehna remen salamet tina laku jahat Subita. Estu matak teu pikahartieun. Saha ari “Laleur Bodas” teh? Musuh atawa sobat satia?
Laleur Bodas teh caritana rame, henteu pabeulit cara carita misteri, tapi henteu weleh ngahudang kapanasaran nu maracana. Pangarangna pinter pisan dina ngarasiahkeun saha saenyana “Laleur Bodas” the nu kakara kasebutkeun sabada carita geus rek tamat, waktu Lili jeung Basri maca catetan poean Gani anu dipasrahkeun di rumah sakit.
Novel Laleur Bodas ieu nyaeta Novel Misteri Sunda klasik nu nepi ka kiwari teu weleh dipikameumeut.

posted under | 1 Comments
Postingan Lebih Baru Postingan Lama Beranda
Diberdayakan oleh Blogger.

Banner


Crossed Red Kunai - Naruto