Resensi Novel Sunda 'Catetan Poéan Réré' (Nanda Chaerunisa)

Judul : Catetan Poéan Réré 

Pangarang : Dra. Ai Koraliati 

Pamedal : GRAFINDO

 Pedalan : II, 2012 

Kandel buku : 59 kaca



        Dina novélna Catetan Poéan Réré, Ai Koraliati nyaritakeun kahirupan rumaja kiwari, anu parantos kasosok ku rupa-rupa pangaruh budaya deungeun. Eusi ieu novél téh nyaéta kahirupan salah sahiji kulawarga, Réré, nu unggal poé dicutat dina catetan poéanna. Katampa ayana luka-liku kahirupan kulawarga anu ruksak ti mimiti indung bapana ceré, indungna pupus sanggeus ngalahirkeun adina nu sarua teu kasalametkeun nyawana, nepi ka lanceukna nu ngabogaan panyakit nu nurun ti bapana nyaéta resep jadi awéwé.
            Di novel ieu téh pangarang sacara teuneung ngaguar kahirupan éta kulawarga. Aya nada-nada kasedih jeung kanyeri nu karasa ku Réré, kudu nanggung kahirupan tiluan jeung nini jeung lanceukna, teu diurus ku indung bapana sorangan. Dina hiji peuting, Réré jeung lanceukna Susan manggihan orok na téras imah. kusabab karunya, éta orok téh diasuh ku Réré.
 Aya rasa bingah lantaran ayeuna aya anggota kulawarga anyar nu bisa ngagantikeun adina nu pupus.Tapi di gigireunna aya rasa kasedih kulantaran lanceukna ngabogaan sipat nu teu lumrah ti lalaki lian, nyaéta resep dangdan siga awéwé, resep maka raksukan awéwé, jeung deuih resep ka sarua jenis. Singhoréng éta panyakit nu diidap ku lanceukna nyaéta turunan ti bapana. Bapana nikah deui téh kusabab hayang nyageurkeun panyakitna. Tungtungna mah bapana téh di bawa ka hiji tempat réhabilitasi nepi ka bapana cageur.
            Hiji mangsa bapana balik ka imah jeung Lili, sobat Réré nu sarua cicing di tempat réhabilitasi eta. Réré kacida bingahna, nempo bapana cageur jeung sobatna nu ayeuna mah gagah jeung kasép. Réré nempokeun adina jeung bapana panggih, nu singhoréng adina éta téh anak bapana ti istrina nu kadua. Lanceukna nu kanyahoan ngabogaan panyakit siga bapana, ahirna milu ka tempat réhabilitasi tempat bapana cageur. Ieu novél téh ngabogaan eusi nu mikat haté pikeun dibaca. Bahasana bahasa sapopoé, numatak babari pahamna. Lian ti éta, bacaan dina eusi ieu novél sok disempalan ku gambar nu nyagambarkeun jeung nguatkeun caritaan. Alurna ogé babari pikeun dipiluan. Numatak urang moal kaduhung mun maca ieu buku

posted under |

1 komentar:

Unknown mengatakan...

Naha novel imutna nu panungtung teu aya?

Posting Komentar

Posting Lebih Baru Posting Lama Beranda
Diberdayakan oleh Blogger.

Banner

Clock

Search


Crossed Red Kunai - Naruto