Resensi Novel "prabu anom jayadewata" (agung nurridaningsih )
Jejer
Buku :
Prabu Anom Jayadewata
Panulis :
yoseph iskandar
Pamedal :
pusat studi sunda
Citakan : ka-1,
yayasan pembangunan jawa barat, 1996
Ka-2,pusat studi sunda, september 2009
Ka-3,agustus 2011
Kandel
Buku : 95 kaca
anu di caritakeun dina novel
ieu nyaeta hiji lalaki
nu disebut pamanahrasa anu loba karumasaan, rumasa lain jajaka, rumasa geus boga
pamajikan, rumasa umurna pajauh jeung nyai kentring manik mayang sunda. Leuwih jauhna
deui, rumasa teu pantes dirina nyandingkeun nu geulis kawanti-wanti, endahna
kabina-bina. Antukna asa percaya asa heunteu kana eta kajadian.
Can ge paler ku
karumasaanana, prabu susuk tunggal ngabawarake ka balarea, yen pamanahrasa poe
eta keneh dijenengkeun jadi prabu anom, kalawan julukana prabu anom jayadewata.
Akhir dina carita ieu nyaeta, pamanah rasa anu meunang beja ti
utusan ngeunaan putusan sawala dinagri batulayang, putusan nu utama nyaeta
wadiabala ti dua pihak nu keur pacengkadan kudu ditarik mundur, putusan anu
kadua nyaeta prabu dewa niskala ti nagri galuh jeung prabu susuk tunggal ti
nagri sunda, duanana daek teu daek kudu ngecagkeun kalungguhanana
masing-masing, putusan anu pamungkas nyaeta nu nyangking prabu di nagri galuh
keur saheulaanan di pasrahkeun ka jaya ningrat, sedangkeun nu nyangkring prabu
di nagri sunda, keur saheulaanan dipercayakeun ka jayadewata ( pamanah rasa anu
geus di jenengkeun jadi prabu anom atawa prabu anom jayadewata).
Dina novel Prabu Anom Jayadewata, yoseph iskandar ninggalikeun hiji sosok lalaki anu gagah, tapi loba karumasaan kusabab
anjeuna lain jajaka pas ngawinan nyai putri subanglarang, dina netelakeun tokohna panulis tiasa masihan gambaran ngeunaan
pribadina. tokoh-tokoh nu aya dina novel ieu nyaeta, pamanhrasa(prabu anom), nyai putri
subanglarang,nyai putri kentring manik mayang sunda, aya oge tokoh nu lian, nyaeta prabu amuk murugul, prabu susuk tunggal, jeung
sajabana.
Panulis dina
nyaritakeunana nganggo basa loma sangkan babari kaharti ku anu maca,
Ngan hanjakal aya sababaraha kecap anu asing keneh, terus
caritana teu pati cocok kanggo budak jaman ayeuna kusabab nyaritakeun
kahirupan karajaan anu baheula, ngan jang anu resep carita ngenaan karajaan ieu
novel bisa jadi salah sahiji novel anu dipikareuseup.
0 komentar:
Posting Komentar