Resensi Novél Sunda “Catétan Poéan Réré” (Nadia Nisa F)



Judul Buku       : Catétan Poéan Réré

Panyusun          : Ai Koraliati

Pamedal           : Grafindo Media Pratama

Pedalan            : II, 2012

Kandel buku     : 59 kaca

Ukuran buku    : 17,5 x 25 cm


           
             Dina novél Catétan Poéan Réré, Ai Koraliati hoyong ngangkat sabagian réalitas kahirupan rumaja kiwari anu parantos kapangaruhan ku rupa-rupa pangaruh budaya deungeun ogé dunya kaom rumaja anu pinuh ku rupa-rupa pasualan, cita-cita, sumanget hirup, moralitas sareng sajabina.
Novél ieu nyaritakeun kahirupan awéwé anu namina Réré ngagaduhan sahabat nuju alit anu namina Dali. Aranjeuna kamana-mana sok sasarengan waé, namung dina hiji waktos Dali ngalih sakolana ka Jogja anu ngakibatkeun Réré janten ngalamun waé. Ningal kaayaan kitu mamahna Réré nyarankeun sangkan Réré nulis sagala nu kaalaman ku manéhna dina buku poéan. 
Dina hiji poé Réré kenging musibah nyaéta mamahna pupus saparantos babaran, kitu ogé orokna. Réré sareng AAna keuheul pisan ka bapana kusabab bapana nikah deui basa mamah Réré nuju kakandungan keneh. Bapa Réré ninggalkeun bumi saminggon saatos dikurebkeun layon mamahna Réré. Di bumi Réré kantun tiluan sareng nini ogé AAna.
AAna Réré ngagaduhan panyakit anu sajenis sareng bapana nyaéta resep dandan jeung resep ka pameget deui. Dina surat, bapana Réré ngaku ngagaduhan panyakit kitu saatosna damang. Anjeuna damang saatosna ngabdikeun diri ka “Panti Rehabilitasi Anak-anak Nakal”. Bapana Réré nyarankeun ka AAna Réré sangkan ngiring ka Panti éta.
Bapana Réré nyaritakeun ogé yen Dali téh lain pindah ka Jogja, saenyana mah Dali ogé aya di panti éta kusabab kanyahoan ngagunakeun narkoba. Tapi ayeuna mah Dali tos damang, bari ayeuna mah Dali téh soléh sareng cerdas da sakolana ogé kenging beasiswa kanggo dikirim ka Kairo nyaéta ka Perguruan Tinggi Al-Azhar.
Bapana ngajanjikeun badé mendakan Réré sakantenan bari ngajak Dali, ogé bade nyandak AAna ka panti. Salain éta bapana Réré ogé hoyong pendak sareng Ila. Ila téh nyaéta putra bapana Réré ti istri anu anom. Anu basa orokna disimpen di téras bumi, anu dipulasara ku Réré dugi ka ayeuna tos badé lebet sakola SD.
Saparantosna Réré pendak sareng Dali Réré ngarasa reuwas kulantaran Dali janten kasép sapertos artis Baim Wong. Tidinya Réré inget wae ka Dali, kitu ogé Dali inget wae ka Réré. Hiji waktu Dali ngirim surat ka Réré anu eusina Réré kedah emut ka Alloh dimana kénging ka susah, ogé Dali osok ngaduakeun mudah-mudahan diparengkeun babarengan deui kawas baheula. 
Panyusun nyaritakeun novél ieu kalayan basajan, tapi ngajaga kategangan ku cara muka saeutik-saeutik ngaliwatan catétan poéan Réré. Basa anu digunakeunna kawilang hadé jeung kapiara anu antukna hadé jadi conto pikeun barudak anu macana. Salian ti éta seueur gambar anu ngawakilan tiap-tiap kajadian, jadi anu maca tiasa ngabayangkeun kumaha kaayaan kajadian éta. Buku ieu ogé ipis sareng tulisanna baradag jadi teu hoream kanu rék macana. Novél ieu téh menarik pisan kanggo dibaca lantaran seueur atikan moral dina sababaraha kajadiannana.

posted under |

6 komentar:

dedes mengatakan...

makasih

Unknown mengatakan...

Rere teh siapa brrti

Unknown mengatakan...

yg ke jogja siapa

Unknown mengatakan...

Hatur nuhun bantosanana

Unknown mengatakan...

Palaku Dina ieu novel teh Saha wae ?

Unknown mengatakan...

Tema dari cerita nya apa?

Posting Komentar

Posting Lebih Baru Posting Lama Beranda
Diberdayakan oleh Blogger.

Banner


Crossed Red Kunai - Naruto