Resensi Novel Sunda Neng Vegy G R



 Judul Buku : Si Kabayan Jadi Dukun
Pangarang : Moh.Ambri
Penerbit : PT Kiblat Buku Utama
Taun medal katut citakanana : Citakan ka-5, Muharram 1430 H./Januari 2009
Kandel Buku : 72 kaca
Harga Buku : Rp.15.000

Si Kabayan, kasohor jelema anu mahiwal jeung jelema anu boga sipat males. si kabayan tara hayang digawe,nyiar gawe oge embungeun. Nepikeun aya hiji kajadian Si Kabayan nampiling Saikem (pamajikanna) dua kali nepikeun ka pamajikanna ceurik.

Dina hiji poe manehna jadi dukun. Jadi dukun soteh kusabab pamajikanna nuduhkeun ka semah anu keur nyiar dukun lepus. Tadina mah ngan saukur hayang males kanyeri ka salaki pedah ditampiling tea. Basa kadatangan semah Saikem nyebutkeun yen Si Kabayan teh dukun anu kamatihanana moal aya tandinganana. Ngan cenah dukun eta teh jalma mahiwal, lamun hayang mawa dukun eta kudu nampiling heula si dukun lepus. Semah teh tuluy neangan dukun lepus anu dituduhkeun ku Saikem
Sapanggihna jeung si Kabayann, eta semah nampiling. Nya sanggeusna ditampilingan, Si Kabayan kapaksa daek dititah ngajiad Nyi Hasanah, anak saudagar, anu katarajang kasakit pireu barang rek dikawinkeun ku bapana. Ari saenyana mah Nyi Hasanah teh pipireuan. Manehna teu suka dikawinkeun ka Haji Latip, da puguh geus pakait piker jeung Agus. Agus nyamur jadi pangiring Embah Dukun, nepi ka bisa paamprok jeung bebenena. Teu sakara-kara Nyi Hasanah bisa ngomong deui, ngan orokaya terus dibawa kabur ku Agus. Atuh puguh guyur.
Kabayan akhirna kayahoan ku sareea yen manehna teh lain dukun asli. pas kanyahoan lain dukun, burudul pulisi, kapala-kapala desa jeung menak ti dayeuh rek nangkep si Kabayan. Si Kabayan dibawa ka dayeuh terus diabuskeun ka bui. Pamajikanana datang ka dayeuh nempo Si Kabayan bari ceurik rumasa salah. Tidinya si Kabayan dibebaskeun ti bui, Kabayan jeung Agus indit ka imah Sudagar. Menta si Agus diijinan kawin jeung Nyi Hasanah. Ki Haji bapana Nyi Hasanah teu satuju. Tapi, Nyi Hasanah menta restu ti bapana dikawinkeun jeung Agus. Kusabab Nyi Hasanah ngan cinta ka Agus saurang. Akhirna Ki Haji mere restu ka budakna. Agus jeung Nyi Hasanah akhirna kawin jeung hirup bagja. 
Kakurangan ieu novel nyaeta bahasana anu ngagunakeun bahasa kasar anu teu patut diconto jeung diucapkeun ku kalangan rumaja. Kaleuwihanna nyaeta ngagunakeun bahasa sapopoe anu  bisa dipikaharti ku kabeh kalangan. ngandung caritaan anu sipatna pikaseurieun, loba banyolna.

posted under |

0 komentar:

Posting Komentar

Posting Lebih Baru Posting Lama Beranda
Diberdayakan oleh Blogger.

Banner


Crossed Red Kunai - Naruto