Resensi Novel Sunda Rasiah Geulang Rantay (Yessy Natalina R.S)





Judul Novel          : Rasiah Geulang Rantay
Pangarang            : Nanie
Penerbit               : Girimukti Pasaka
Taun Terbit          : 1997
Jumlah Kaca        : 162 kaca
Potongan Carita   :



Siti Salamah alias Aminah nyaeta hiji istri anu jalan hirupna teu pati sae. Ti mimiti maneh na teu diizinan ku kolotna kawin jeung Sungkawa (anu ayeuna mah Kiai Modern). Gedena duriat dina hate Siti Salamah manehna maksa kawin jeung Sungkawa. Akhirna mah Siti Salamah the kawin jeung Sungkawa.
Nepi ka dina hiji poe Siti Salamah ngantunkeun Sungkawa
ku sabab teu kiat nandangan rupi – rupi kanyeri ti mitoha, ditambah  Siti Salamah teh nuju kakandungan. Siti Slamah ninggalkeun Sungkawa bari mekel sapasang geulang rantay nu dipangmeulikeun ku Sungkawa. Dina geulang eta teh aya aksara S&S.

Geus taun – taun paturay, Siti Salamah jeung Sungkawa ngajalankeun hirupna masing – masing bari hate na mah kacida sedih na. Salila papisah jeung Sungkawa Siti Salamah ngalaman rupa – rupa pangalaman dina hirupna. Nepi ka dina hiji waktu Siti Salamah ngababarkeun orok. Eta budakna di tunda di Sukabumi kusabab maneh na teu tega budakna hirup dina kasusah. Budakna ditunda di buruan imah merek unina Rd. Sastraatmaja bari diselapan serat jeung disimbutan. Tuluy eta serat dipake ngabungkus hiji geulang rantay, anu hiji deui dibawa ku manehna.
Jalan carita salanjutna teu pati hese ditebak. Dina hiji poe Siti Salamah papendak deui jeung budakna anu ayeuna mah ngarana Enden Komariah.  Jalan caritana Siti Salamah jadi koki di imah Enden Komariah. Siti Salamah oge papendak jeung salaki na Sungkawa dina hiji waktu nu sarua pas Siti Salamah nyaho yen Enden Komariah teh budakna. Enden Komariah oge boga carita sorangan dina eusi novel, nyaeta carita cinta na jeung kang Maman jeung konflik anu aya diantara Sukardi jeung Maman, Aminah jeung Juragan Pangsiun jeung sajabana.

Kaunggulan jeung Kakurangan:
Kaunggulan novelna nyaeta, carita dina novel sae sareng narik hate jeung caritana oge ngandung atikan moral dina kahirupan. Paguneman dina caritana nganggo undak usuk basa anu pas, kadang oge dina carita osok diselapan ku paribasa – paribasa sunda. Novel Rasiah Geulang Rantay cocok di aos ku para rumaja.
        Ngan kakurangan dina novel ieu nyaeta jalan caritana gampang katebak. Pokok masalah dina carita kirang dijelaskeun , malah seueur teuing carita atawa kajadian anu teu pati nyambung sareng judul. Dina novel ieu nu seueur dibahas teh ngeunaan kisah cinta Maman jeung Enden Komariah.
 


posted under |

0 komentar:

Posting Komentar

Posting Lebih Baru Posting Lama Beranda
Diberdayakan oleh Blogger.

Banner


Crossed Red Kunai - Naruto